Sagala diduitkeun, sagala kudu Komisian

Posted in Bahasa Sunda, bodor, Eling, heureuy, kabayan, Lalampahan, Makalangan, ngawangkong, paguneman, Pangalaman, pangeling2, Sanes kanten, seuseurian, tepas on 25 Oktober 2013 by kangadesaputra

Asa lieur ngabandungan hirup jalma jaman ayeuna, loba pisan anu geus leungit rasa. Sagala hal siganateh kudu jadi “duit”. Saperti nu kaalaman ku kuring poe ieu, pira nanya info sugan aya nu boga mobil bak / kol buntung sabab butuh jang ngangkut bahan spanduk kuring kudu lieur gara2 masalah komisi.

Anu dipentaan info atuda babaturan, ngan heueuh puguh deui ari anu boga mobilnamah da kuring kakara wawuh.

Supir / anu boga mobil bak muka harga 250.000, nya ngagebeg atuh da biasana oge 150rb biaya nyewa mobil bak jang ngangkut bahanteh. Dilema memang, sabab kuring memang keur butuh pisan ku bahan, di lain pihak naha asa kabina2 teuing eta supir menta ongkosna. Nyoba ditanya leuwih jero kunaon bet mahal2 teuing, nya pok teh supir nyarita balaka “Aduh kumaha nya kang, hampura soalna ieu komisianeun-na aya 2 an” …. Didieu (babaturan kuring) jeung diditu (babaturana babaturan kuring).

Pickup

Astagfirulloooooh… kuring istigfar sababaraha kali. Geuningan kitu nya ayeunamah, euweuh istilah babaturan, euweuh istilah silih tulungan, tetep we sagala men gencet, maen perhitungan. Heuhehueuehueu seuri koneng, miris….

Akhirna kapaksa kuring mayar ongkos 225.000, sewa na 200.000, anu 25rb cenah ajang dibagi2 kanu marenta komisi.

Kumaha geus rengse acan yeu carita? Kela acan lur, aya keneh… kieu yeuh :

Begitu beres ngangkut barang… Torojol babaturan kuring datang tatanya “Kang, ari tadi dipasihan sabaraha ongkos mobil?”

Kuring : Dibere 225.000 ceuk kuring spontan.

Babaturan : “Waduuuuh naha ka saya nyebutna ngan 200rb nya….????”

Kuring : “Teuing da ti saya dibere 225.000 sabab tadi ngomongna aya 2 an anu kudu dibere komisi!!!!”

Babarutan : (ngajawab semu reuwas bari beungeutna keciri beureum) “lain soalna ka saya nyebutna 200rb, itu soalna dunungan nanyakeun, lain komisi jang saya sih…”

Kuring : “nya euy rieut mun kieu mah saya oge tekor…”

Babaturan : “nya geus keun wae” tuluy indit ngaleos….

Kuring : (teu ngajawab ngan nggerentes na jero hate) “kacida… kacida….”

 

Geus engke deuimah mun teu kapaksa2 teuingmah moal menta tulung ka batur, nya setidakna mun dek menta tulungteh pilih2 kira2 jalmana anu kumaha heula…. eta oge teu nyangka sih menyiiiiii…. padahal babaturan sorangan.

Cag.

 

 

 

Mudik – Lebaran pinuh kasabaran

Posted in Eling, Lalampahan, Makalangan, ngawangkong, paguneman, pangeling2, Sanes kanten, tepas on 23 Agustus 2011 by kangadesaputra

Tos janten kabiasaan tiap taun pangpangna dina nyanghareupan poe-an lebaran, urang lembur anu ngalumbara dikota marulang ka lemburna pikeun ngarayakeun “Hari Raya Iedul Fitri” sakalian Silaturahim jeung kulawargana di lembur.

Acara taun kali ieu pasti moal jadi masalah ninggang ka jalma anu dikersakeun sagala cukup, tapi mindeng jadi bahan kasusah umumna keur jalma-jalma anu serba kakurangan atawa anu teu nyiapkeun diri ti anggalna. Sabab, dina nyanghareupan lebaran teh geuningan sok loba pisan kaperluan anu teu disangka2 anu ngabutuhkeun waragad anu lain saeutik. Masih untung lamun keur pagawe anu meunang suntikan dana tina THR, coba mun anu teu digawe, pangangguran, buruh serabutan, tukang beca, jrrd. dimana maranehna euweuh anu mere THR.

Meureun enya, rek lebaranteh nu nagih hutang rabul, anak/pamajikan reang menta ganti salin baju anyar, encan jang ongkos mudik jeung kikiriman, babawaan oleh2 kota, ari duitna euweuh… lebeng can katoong. Matak stress matak aral mikiranana….

Dulur, tapi teu kitu, lamun urang bisa sabar tawaqal bari tetep mikir, usaha sabisa mungkin kumaha carana sangkan kaluar tina eta permasalahan. Bari ulah poho kudu bisa ngukur ka kujur ulah tanggah luhur teuing.
Ulah sieun jeung ragu, sabab ari usaha (anu maksimal) mah kawajiban sedeng hasilna pasrahkeun ka Gusti Allah anu ngabogaan urang jeung ngarizkian sakabeh makhluk.

“Dan tidak ada suatu binatang melata pun di bumi, melainkkan Allahlah yang akan memberi rezekinya.”(QS Hud : 6)

“Dan jika shålat telah dilaksanakan, maka bertebaranlah di muka bumi dan carilah karunia dari Allåh, dan ingatlah Allåh sebanyak-banyaknya, moga-moga kalian beruntung.” (Al-Jum’ah:10)

Janji Allah :

“…Barang siapa yang bertakwa kepada Allah niscaya Dia akan mengadakan baginya jalan ke luar. Dan memberinya rezeki dari arah yang tiada disangka-sangkanya. Dan barang siapa yang bertawakal kepada Allah niscaya Allah akan mencukupkan (keperluan)nya. Sesungguhnya Allah melaksanakan urusan (yang dikehendaki)Nya. Sesungguhnya Allah telah mengadakan ketentuan bagi tiap-tiap sesuatu” (Al-Thalaq:2-3)

Tah kitu panginten dulur2, Sagala permasalahan pasti aya jalan kaluarna. Hayu urang silih do’akeun mudah2an sagala rupa urusan urang aya dina Ridho Allah SWT, salamet rahayu, lancar, oge hasil saluyu jeung nu dipiharep.

Wilujeng nyambut hari kemenangan, “Selamat Iedul Fitri 1432 H”, Hapunten lahir tumekaning bathin.

Wassalamu’alaikum wr. wb.
Salam baktos,

Kangadesaputra

Bisnis di Internet, Modal Rp. 25.000-, hasil teu aya batasna!

Posted in Tidak Dikategorikan on 23 Agustus 2011 by kangadesaputra

Bisnis di Internet, Modal Rp. 25.000-, hasil teu aya batasna!

Tiasa dicobi, Insya Allah aya hasilna… hatur nuhun

Ayeuna cuang hiburan heula bari diajar Bahasa Cina – Sunda

Posted in Bahasa Sunda, bodor, heureuy, kabayan, ngawadul, ngawangkong, paguneman, Primbon, Sanes kanten, seuseurian, tepas on 12 Januari 2010 by kangadesaputra

hehe yang mau belajar cina vs sunda ya ,, mangga di aos bae:

A Lung Keun ( dibalangkeun )

Am ( dahar )

An Jing ( gogog )

Ba Chang ( leupeut eusi daging )

Babah ( bapa )

Ba Tok ( bagian anu paling teuas dina kalapa )

Bo Tak ( teu gagaduhan rambut )

Bo Lo Ho ( bodo )

Ba Le Dog ( ah ieu mah basa inggris meureun?)

Cha Bok ( gaplox )

Cha Lang Ngap ( tong dibuka bau….? )

Cha Pe Tank ( budak leutik karak bisa ngomong )

Cha Ran Cang Ti Hang ( wanci sore )

Cha Meuh ( biwir gemesin )

Chai Baw ( anu aya di solokan )

Chak Chak ( dulurna toke )

Chan A Ya ( inden , antry )

Chan Man Die ( bau dahdir )

Chang Ka Leng ( caruluk )

Chang Kang Chaw ( parab embe )

Chang Ke Nyer ( loba teuing gawe peuting )

Chang Kok Khan ( bibit mangga)

Chang Ku Du ( buah bau pisan )

Chang Ku Ri Leung ( manuk )

Chap Cay ( kadaharan tina sayur-sayuran )

Chap Ja He ( koret, medit )

Chi Bha Du Yut ( pabrik sapatu )

Chi Ham Phelas ( tempat jin meuli calana )

Chi Ka Dut ( kuburan cina )

Chi Ki Zing ( ngaran desa / kota di majalengka)

Chi Leu Peung ( belegug )

Chi Leuh ( tai panon, belek )

Chi Leun Cang ( cair kotor, disisi jalan ari tos hujan ageung )

Chi Lok ( kadaharan budak : aci dicolok )

Chi Reng ( kadaharan budak : aci digoreng )

Chi U ( leupeut tina aci jeung cau )

Ching Chang Chang ( embe kabur )

Ching Chang Ke Ling ( lagu )

Ching Chung ( guru nanya )

Cho Bian ( mangga raosan )

Cho Kor Baw ( canteungan )

Cho Le Nak ( katuangan, peuyeum dibubuy sareng gula kinca )

Chu Ra Ling ( sipat licik )

Chu Ru Luk ( buah kawung )

Tho Lo Heor ( Ngareuleuss )

Enci ( ibu, indung )

Encim ( parawan cina )

Heu Ay ( tunduh )

Hok Cay ( molohok bari ngacay )

Hu I ( akar nu bisa di dahar )

O Lo Le Ho ( leutik keneh geus kawin; keur gering salesma )

Ong Kek ( utah ) On To Hod ( pikakeuheuleun )

On Tha ( binatang di Arab )

Kyu Kyu ( judi ) Lha Hang ( cai aren )

Liang Cheuli Baw ( panyakit THT )

Le Nang ( leuwih naker tibatan bo tak )

Ma Ling Ping ( ngaran desa / kota )

Ma Ung ( dulurna ucing )

Nga Cay ( ngelay: banjir tina baham )

Nyi Chian Pochi ( pagewean babu )

Pa Hang ( rasana aneh )

Pe Chak ( panonna peureum sabelah )

Pek Tay ( … teuing naon ieu mah, can ka alaman ku sayah )

Peu Chang ( leupeut eusi kacang; sato nu sukuna opat )

Pha Ming Pin ( dunungan )

Ping Ping ( luhureun tuur, handapeun eta tea… )

Siang Siang Maling Seng ( euweuh gawe,beurang?maling)

Sing Sing Keun ( arek gelut / wcw )

Taw Cho ( oleh-oleh ti cianjur )

Tham Pi Ling ( gaplock )

Tham Po Long ( wadah reuhak )

Tho Lom Bong ( wadah oge )

To Ong ( ningali tina liang leutik )

Toke Chang ( lagu oge )

Tong Li La ( enggalkeun )

Tong To Lang ( nangka – kawinan bapak – teu beja?- poe salasa… )

Tu Ang ( ngalebok )

Tung Tung Seng ( seukeut pisan )

U Ching ( dulurna maung )

Yap La Hun ( budak ceurik )

Go Cex An (Nyekelan si A’an)

Li Cin Lo (so so rodotan)

Ti Ang Gie Lox (rada aya’an iye mah)

Ti Ang cay (Ngajual cai)

Om Phong (waosna tos caroplok)

==============================
http://forum.wintersat.com/ngakak-abis/ ==============================

tambih deui ti akang :

Li Ang Thai (paragi ee)Li Ang Hong (Gorong-gorong)

Bu Lu An (pinuh ku bulu)

Can Ha Yang (teu nararafsu, teu aya selera)

Thai Khothok (bau, jiga sambel tapi teu lada “naha apal teu lada?”, awas ulah dimamam)

Ka thin chak (terinjak),

Lauk khan cra (Ikan Mas),

Bu Luk Khan (basi),

Baw wu ha peuk (aroma tidak sedap),

Sang Ki Lang (walaupun),

Cingng cuang cang cang (diikat tali),

Tha Li Kwuthang (paragi ngabungkus buah pepaya),

Khang Khung (Sejenis sayuran),

Khu Chu Bung (sejenis kembang/tumbuhan nu sok dipake mabok ku babaturan akang heuehuehueu)….

Menhuwa (mencret wae)

Tampho long (kaleng/batok paragi wadah ciduh)

Kan Ching (hiasan/pamageuh baju)

Thai Phi San (Waduk siah!)

Cha Ching Kha Lung (obat kasakit Tipes)

A Lung Bho Yong (dioper kaditu kadieu)

Chu Lang Chi Leung (arek maok hayam….)

Su Wing (biwirna nyengir wae),

Jeng Kho Leun (nyeri kahampangan) = Jeung jweu riheun

Kop Lhok (Kehed!)

Hun Kuwe (Kueh lapis)

Tambahan referensi ti Kang Oni Thea :

Cha pei tang (pinter ngomong)

Tai kho thock (Ee ayam)

Chang geh gar (ayam hutan)/Cangegang hese dahar!

Nyien tu lak (Buat kunci pintu)

Ling lung (Nyasar/gak tahu jalan)

ping ping ko neng=biasanya buat paha cewe

Cheng ce leng an (tabungan)

Lung lay ( Lemas)

Chung cu rungan/Thung ghir (Tulang ekor)

Tha khok khak (Sejenis leunca)

Chang cut (CD aww)

Lie sung (Buat nutu)

Nyeng sol (gak lurus)

Cing caw (dicampur es serut + gula kalapa raos) jiga na mah..

…. salajengna diantos sumbangan kosa kata ti paramitra ngalangkungan komentar, mangga dilebetkeun bae ide na dina komentar dihandap, diantos pisan, hatur nuhun…

Perlukah Tragedi Bubat Difilmkan?

Posted in Eling, Gerakan Kasundaan, Lalampahan, Makalangan, Pangalaman, pangeling2, Primbon, Pusaka, Situs on 10 Januari 2010 by kangadesaputra

Siapa pun, terutama orang Sunda, sepakat bahwa Tragedi Bubat merupakan peristiwa sejarah yang sangat menarik, bukan hanya dari sudut pandang sejarah, melainkan juga sastra. Apalagi, jika diangkat ke layar lebar, lebih seru. Dari sisi sejarah menarik karena faktanya melibatkan dua kerajaan besar di nusantara yang berkembang pada abad ke-14, yakni Kerajaan Galuh di tatar Sunda dan Kerajaan Majapahit di Jawa Timur. Dari sudut sastra, peristiwa itu dapat dikemas sedemikian rupa menjadi cerita yang menguras emosi, antara percintaan, romantisme, harga diri, dan tragedi.

Banyak sekali penulis yang mengabadikan peristiwa ini sejak abad ke-15 hingga saat ini. Beberapa naskah yang menceritakan tragedi ini dengan sebutan Perang Bubat dan dalam versinya masing-masing, seperti Kitab Pararaton dan Kidung Sundayana, serta naskah-naskah Pustaka Wangsakerta.

Sementara itu, di dalam Naskah Negara Kretagama atau Desawarnana karya Mpu Prapanca, peristiwa itu tidak tercatat dengan jelas. Saya menduga, tentu saja penulis istana Majapahit tidak akan mencatat peristiwa yang telah mencoreng nama baik raja, mahapatih, dan negerinya sendiri ke dalam dokumentasi resmi kerajaannya.

Saat ini, banyak sekali karya sastra yang menggambarkan Tragedi Bubat, yang lebih banyak mengekspresikan reka peristiwa dengan penafsiran penulis disertai keindahan nilai sastra. Sebut saja Kang Yoseph Iskandar. Ia menulis dengan tuturan yang pro Sunda mengenai “Perang Bubat” di majalah Mangle sekitar tahun 1987. Baru-baru ini, Aan Merdeka Permana menulis buku dengan judul Perang Bubat: Tragedi di Balik Kisah Cinta Gajah Mada dan Dyah Pitaloka.

Melihat judulnya saja, tentu ada sisi lain yang diangkat penulis, yakni “rekaan” baru adanya percintaan antara Gajah Mada dan Dyah Pitaloka, sebelum Hayam Wuruk jatuh cinta kepada Dyah Pitaloka. Gajah Mada, dinisbatkan ke dalam tokoh Ramada, seorang pegawai rendahan di Keraton Kerajaan Galuh, lalu mengembara dan pada kemudian hari menjadi Mahapatih Kerajaan Majapahit dengan nama Gajah Mada. Kebenarannya? Wallahu a’lam.

Langit Kresna Hariadi menulis buku yang berjudul Gajah Mada: Perang Bubat. Sementara Hermawan Aksa menulis khusus tentang Dyah Pitaloka dengan judul Dyah Pitaloka: Senja di Langit Majapahit. Tentu saja, para penulis ini tidak akan berani menyebut karyanya sebagai karya sejarah. Lebih tepat karya sastra yang berlatar belakang tokoh sejarah, bukan peristiwa sejarah.

Denting pedang, cinta, tragedi

Tidak dapat dimungkiri bahwa Tragedi Bubat merupakan salah satu episode sejarah yang sangat penting, berkesan, menguras emosi, dan menjadi bagian dari sejarah tatar Sunda.

Kisah ini, selain berisi peristiwa tragis yang menyisakan luka teramat dalam dan dendam sejarah bagi orang Sunda, sekaligus juga mengakhiri karier gemilang dari seorang Mahapatih Kerajaan Majapahit yang monumental, Gajah Mada. Dari berbagai versi yang muncul tentang tragedi ini, saya ingin mengetengahkan versi yang paling banyak diceritakan dalam berbagai naskah dan karya sastra hingga saat ini, yang juga dengan mudah dapat ditemukan di berbagai situs web di internet.

Tragedi Bubat adalah tragedi yang tragis antara Kerajaan Galuh dan Kerajaaan Majapahit pada pertengahan abad ke-14. Saya tidak berani menyebut angka tahun dengan pasti, mengingat terdapat beberapa angka tahun yang variatif, ada yang menyebut peristiwa itu terjadi pada tahun 1350, 1357, hingga 1360. Yang jelas, peristiwa ini terjadi pada masa pemerintahan Prabu Maharaja Linggabuana yang bertahta di Kerajaan Galuh dan Prabu Hayam Wuruk yang berkuasa di Kerajaan Majapahit. Tokoh sentral dalam peristiwa ini, yaitu Dyah Pitaloka (putri cantik Kerajaan Galuh), Hayam Wuruk, dan Gajah Mada sang Mahapatih Majapahit. Gajah Mada saat itu sedang gencar-gencarnya mewujudkan sumpahnya sendiri, Sumpah Palapa.

Peristiwa ini diawali dari niat Prabu Hayam Wuruk yang ingin mempersunting Putri Dyah Pitaloka yang juga dikenal dengan panggilan Citraresmi. Ketertarikan Hayam Wuruk terhadap putri cantik ini setelah melihat lukisan sang putri yang dilukis secara diam-diam oleh seorang seniman terkenal saat itu, Sungging Prabangkara. Selain itu, ada niat lain dari Hayam Wuruk, yakni untuk mempererat tali persaudaraan antara Kerajaan Majapahit dan Kerajaan Galuh di tatar Sunda. Niat Prabu Hayam Wuruk untuk memperistri Dyah Pitaloka tanpa menimbulkan hambatan yang berarti. Keluarga Kerajaan Majapahit menyadari bahwa pendiri kerajaan itu, yakni Raden Wijaya, juga berasal dari tanah Sunda.

Hayam Wuruk mengirim surat kehormatan kepada Maharaja Linggabuana untuk melamar Dyah Pitaloka dan menghendaki upacara pernikahannya dilangsungkan di Keraton Majapahit. Sesungguhnya, dengan mudah dapat dipahami jika dewan kerajaan negeri Sunda keberatan –bukan pada lamarannya, melainkan pada pesta pernikahan yang diminta dilangsungkan di Majapahit.

Hyang Bunisora Suradipati, sang Mangkubumi Kerajaan Galuh, berpendapat, tidak lazim pihak pengantin perempuan datang ke pihak pengantin lelaki. Sesuatu yang dianggap melanggar tradisi yang berlaku di tanah Sunda saat itu. Bisa juga, Hyang Bunisora, yang dianggap luhung elmu pangaweruh, berprasangka, jangan-jangan keinginan Hayam Wuruk merupakan strategi menjebak Kerajaan Sunda agar takluk di bawah kekuasaannya.

Hubungan antara Kerajaan Galuh dan Majapahit saat itu, sesungguhnya berjalan baik dan relatif erat. Apalagi, rasa persaudaraan di antara kedua kerajaan itu sudah ada dari garis leluhurnya. Oleh karena itu, Maharaja Linggabuana tidak terlalu risau terhadap berbagai prasangka. Dengan kharisma dan wibawa sang raja yang sangat besar, ia memutuskan untuk berangkat ke Majapahit untuk memenuhi harapan Hayam Wuruk.

Berangkatlah Maharaja Linggabuana bersama putri kesayangannya, Dyah Pitaloka, beserta rombongan terbatas ke Majapahit. Perjalanan yang cukup jauh, dari ujung barat ke ujung timur Pulau Jawa, tentu bukan perkara mudah. Dari Kawali ke Cirebon, lalu berlayar ke ujung timur Pulau Jawa.Tiba di Majapahit, para tamu agung Kerajaan Galuh itu ditempatkan di Pesanggrahan Bubat –yang sampai sekarang Bubat, masih dalam perdebatan, apakah di Trowulan atau di tempat lain. Mahapatih Gajah Mada dengan senang hati menerima kedatangan rombongan calon pengantin rajanya –lepas dari kisah cinta rekaan Aan Merdeka Permana antara Gajah Mada ketika muda dan Dyah Pitaloka.

Kedatangan rombongan Sunda di Pesanggrahan Bubat tiba-tiba mengusik niat licik Gajah Mada. Bagaimanapun, sumpahnya di hadapan sang Raja untuk menguasai nusantara harus terlaksana. Negara-negara yang berada jauh di ujung barat yang terbentang hingga Tumasik (Singapura) telah tunduk di bawah kekuasaannya. Demikian pula kerajaan-kerajaan yang terbentang jauh ke timur hingga Kerajaan Dompu di Nusa Tenggara Barat, juga dengan mudah menyerah. Namun, mengapa Kerajaan Galuh yang hanya sepenggalan dari Kerajaan Majapahit tak dapat ditaklukkan? Kita dapat membayangkan kegalauan hati sang Mahapatih.

Demi mempertahankan kehormatan sebagai kesatria Sunda, Maharaja Linggabuana menolak tekanan itu. Untung tak dapat diraih, malang tak dapat ditolak. Terjadilah peperangan yang tidak seimbang. Mahapatih Gajah Mada dengan pasukan bersenjata lengkap, berjumlah besar, dan para bhayangkara yang tangguh, berhadapan dengan Maharaja Linggabuana dengan pasukan pengiring calon pengantin yang berjumlah sedikit dan tidak membawa persenjataan untuk perang, kecuali aksesori untuk kawinan. Namun, heroisme Ki Sunda ditunjukkan hingga titik darah penghabisan.

Dapat dibayangkan, pertempuran yang tidak seimbang itu tentu berakhir dengan tragis. Denting pedang, keris, dan kujang, serta romantisme cinta dan tragedi dramatis menghiasi episode senja di tanah Bubat itu. Maharaja Linggabuana gugur bersama para menteri dan pejabat kerajaannya yang setia. Sang calon pengantin, Dyah Pitaloka, juga menemui ajalnya. Terdapat versi yang berbeda tentang wafatnya Dyah Pitaloka. Ada yang menyebut gugur karena bertempur dengan pasukan Majapahit, ada pula yang lebih tragis menggambarkannya dengan bunuh diri, mempertahankan harga diri dan kehormatan kerajaan. Cerita lain yang lebih heroik, Dyah Pytaloka berduel dengan Gajah Mada meskipun akhirnya gugur. Sang putri berhasil melukai tubuh Gajah Mada dengan keris Singa Barong berlekuk 13. Keris leluhur Pasundan peninggalan pendiri Kerajaan Tarumanegara yang bernama Prabu Jayasinga Warman. Syahdan, akibat luka itu, Gajah Mada menderita sakit yang tidak bisa disembuhkan hingga meninggal dunia.

Dendam sejarah yang amat mendalam di kalangan kerabat negeri Sunda hingga rakyat jelata, tertanam dalam memori kolektif selama berabad-abad. Saya lebih suka menyebut peristiwa itu dengan “Tragedi Bubat”, bukan “Perang Bubat”. Karena fakta yang terjadi, bukan perang antara pasukan dua kerajaan besar, melainkan tragedi antara sekelompok pengiring pengantin yang terlibat kesalahpahaman dan Mahapahatih Kerajaan Majapahit!. Akibat dari tragedi ini, tertanam larangan adat, Esti larangan ti kaluaran (tidak boleh menikah dari luar lingkungan kerabat Sunda). Dalam arti lain, dilarang menikah dengan orang Jawa. Bahkan, sejak 64 tahun merdeka, di tanah Sunda tidak ditemukan Jalan Hayam Wuruk dan Gajah Mada.

Hemat saya, rencana Pemprov Jawa Barat untuk membuat film kolosal “Perang Bubat” dengan anggaran Rp 6 miliar dari APBD, untuk saat ini, kurang tepat. Lebih baik dana itu digunakan untuk rehabilitasi infrastruktur korban gempa bumi, perbaikan sarana pendidikan, peningkatan kesejahteraan rakyat, atau pembenahan destinasi pariwisata yang lebih bermanfaat. Lain waktu, mungkin saja. Kita tunggu tanggal mainnya! (Prof. Dr. H. Dadan Wildan, Staf Ahli Menteri Sekretaris Negara RI)***

Web: http://newspaper. pikiran-rakyat. com/prprint. php?mib=beritade tail&id=119874

Tujuan Gerakan Kasundaan

Posted in Bahasa Sunda, Eling, Gerakan Kasundaan, Lalampahan, Makalangan, masantren, ngalalana, pangeling2 on 14 Desember 2009 by kangadesaputra

Sakumaha seratan anu diserat ku Bapa Ajip Rosidi

Tujuan gerakan kasundaan kuduna lain kalungguhan, tapi usaha sangkan urang Sunda, pangpangna rahayat pépéték, meunang kasempetan sajembar-jembarna pikeun ngarépréséntasikeun diri jeung pribadina dina widangna masing-masing. Lamun urang niténan balantika nasional, karasa pisan kurangna urang Sunda méh dina sagala widang. Éléh ku urang Minang, Batak, jeung Bugis nu jumlahna jauh sahandapeun urang Sunda. Naha ku lantaran urang Sunda henteu miboga kamampuh? Tacan tangtu. Anu sidik, urang Sunda apan asor pisan kabisana da rata-rata urang Sunda sakolana ngan 7 taun, hartina henteu tamat SMP-SMP acan. Sabalikna urang Sunda nu mareunang atikan luhur, umumna pala putra ménak heubeul atawa ménak anyar anu mibanda méntalitas priyayi, anu ngarep-ngarep dijenengkeun ku nu dibendo. Da ceuk pikiranana hirup nu utama mah kudu nyekel kalungguhan di pamaréntahan, sanajan gawéna ngan ukur sembah kuriling atawa jadi pakacar.

Padahal urang Sunda kakara maju, lamun élmuna luhung dina sagala widang, wani tandang ngadu kamampuh parebut préstasi tina gawé nyata anu karasa mangpaatna ku balaréa. Tapi urang Sunda luhung élmuna lamun sakola téh lain ngan ngudag ijazah jeung gelar, tapi enyaan ngudag élmuna. Para kaom élit Sunda boga kawajiban pikeun ngusahakeun sangkan sakabéh urang Sunda bisa meunang atikan anu cukup nepi ka dina waktuna tarung dina médan kahirupan nasional, bisa unggul ku sabab parabotna samakta. Harkat jeung martabat urang Sunda moal unggah ngan ku baramaén ménta-ménta kalungguhan, tapi ngan lamun urang Sunda réa némbongkeun préstasi nu pikasérabeun dina sagala lapangan kahirupan di tingkat nasional.

Ngan pikeun nepi ka dinya, kudu aya parobahan méntalitas urang Sunda, tina méntalitas tukang baramaén jadi méntalitas jiwa anu mandiri. Nu gedé kapercayaan dirina, tur dirojong ku élmu jeung kamampuh dina metakeunana bari karasa mangpaatna ku balaréa.

Ro’in

Posted in Bahasa Sunda, Eling, Lalampahan, Makalangan, masantren, ngalalana, pangeling2 on 13 Desember 2009 by kangadesaputra

Rosulullah SAW kantos ngadawuh, yen “Maraneh kabeh pamingpin, unggal pamingpin bakal ditanya tanggungjawabna.” Nilik kana harti nu jembar hadits nu bieu,bisa make undakan, ti mimiti pamingpin rumahtangga, nepi ka pamingpin nagara. Beuki luhur pangkat jeung kalungguhanana, beuki beurat tanggungjawabna. Eta sababna basa Sayyidina Umar bin Khotob dipapancenan kudu jadi khalifah, inyana ceurik, terus cengkat nyabut pedang, bari pokna, kudu aya ti antara maraneh anu wani ngalempengkeun kami (dimana kami nincak salah) kawas lempengna ieu pedang.

Di Sunda aya salahsahiji raja agung, anu jajauheun nyaho kana Islam, malah teu ngambeu-ngambeu acan, nya eta Wastukancana. Ajaran Wastukancana nu pangonjoyna, nya eta nitah nerapkeun “pameda” atawa kritik. Tangtu mun kitu lumakuna di mana inyana nincak salah, tegesna teu luyu jeung aturan hukum harita. Ceuk Wastukancana, pameda teh,lir minyak keur kulit hurik, lir cai keur nu halabhab, lir mandi keur nu pinuh daki.

Kulantaran ageman nu nyampak di Nusantara, samemeh asupna Islam, nya eta Sanghyang, Hindu, Budha, Kristen. Teu mustahil eta lima ageman teh ngagulung kawas spiral, kababawa najan saeutik. Sabab tina ageman nyiptakeun pola budaya. Moal bisa hiji tatanan budaya musnah kitu wae, ku budaya anyar tanpa aya nu kabawa sabagian leutik. Sok komo, para penyiar Islam, ngasupkeun/nerapkeun Islam di Nusantara, teu kalawan paksaan, tapi lalaunan ngaliwetan rupa-rupa tarekah, di antarana ngaliwatan budaya. Hartina rek ageman naon wae, ngaguruntul dina basa, yen, mun hayang nyaho kasalahan sorangan, kudu nanya ka batur. Da meureun ku sorangan mah moal katangen (salilana sok asa bener). Dumasar kabeungharan budaya nu nyampak, sawadina kabeh pamingpin di unggal undakan wewengkon kakawasaan, kudu narima kana kritik/panggeuing (kilangbara menta) ti nu sejen. Lebah dieu liket kaitanana kana kalungguhan pamingpin. Anehna teu saeutik sikep pamingpin mun di kritik sok tuluy ngewa, malah dengdem nepi ka taunan. Cilakana eta rasa dengdem teh disundutan ku jalma sisi-gigirna nu ngahaja ukur leletak, hayang kapake bari neundeutkeun batur nu ngritik tea. Beh dituna tuluy neangan balad, ngarah nu sejen milu ngewa ka jalma nu kumawani ngitik.

Lamun kitu, sidik pisan, pamingpin nu teupayaan, teu tahan kritik, hartina teu tahan banting, can meujeuhna jadi pamingpin. Apan pamingpin mah, kudulandung kandungan laer aisan tegesna hampuraan. Sabab pasti salahsahiji bahan mentalna, legok tapak genteng kadek. Dima kudu nangtukeun hiji kaputusan teu meunang bragu-ragu, kudu ngadek sacekna nilas saplasna, kaasup nohonan jangji. Bakal ngabulasin, mun pamingpin lunca-linci luncat-mulang, udar tina tali gadang. Beh ditu na pamingpin mah mun cilaka pangheulana, mun bagja pangpandeurina, da ngaheulakeun kapentimngan nu aya dina tanggungjawabna.

Pamingpin teh ro’in, nu moal bisa nolak, pasti dipoenta tanggungjawabka dina pangadilan Agung, yaomil kiyamah. Anu geus lain biwir nu ngajawab da dikonci, tapi leungeun, suku jeung anggota awak sejenna. Cilakana mun dina proses pangadilan Agung, anu taya hal nu bisa disumputkeun, eta pamingpin ditungtut dipenta tanggungjawab ku bawahan atawa rahayatna.Jampena, mun hayang jadi pamingpin nu amanah. Ulah petot ngoreksi diri, ngahisab diri, memeh dikoreksi batur, memeh dihisab pangadilan Agung. Muga-muga. Cag.

Sapertos anu diserat dina Majalah Salaka Sunda Online

Cara Sunda Membangun Kesejahteraan

Posted in Eling, Lalampahan, Makalangan, masantren, ngalalana, ngelmu, Pangalaman, pangeling2, Sanes kanten on 12 Desember 2009 by kangadesaputra

Kompas, Sabtu, 31 Januari 2009 | 11:26 WIB
Oleh Djasepudin

Laku hidup yang hanya menuruti nafsu tanpa menimbang ulang kadar nikmat, manfaat, dan mudaratnya merupakan gambaran singkat kecenderungan hidup sebagian besar masyarakat zaman sekarang. Bukan isi yang dicari, melainkan lebih mengejar citra, gengsi, dan puja-puji. Masyarakat Sunda menamakannya ngaberung napsu atau kaleuleuwihi, cenderung diada-adakan, padahal kemampuan jauh dari yang diperlukan.

Pemujaan dalam menggapai impian tersebut dilakukan dengan pelbagai cara, malah terkadang mengabaikan undang-undang negara, aturan lisan, dan tulisan di kemasyarakatan. Bahkan agama yang dianut pun dilupakan, tunggul dirarud catang dirumpak.

Perilaku semacam itu tidak hanya didawamkan masyarakat kota. Masyarakat desa pun melakukan hal serupa. Mereka tidak memikirkan proses yang mesti dilalui. Memulai usaha tidak dipikir secara matang. Sebab, hasil akhir sangkan disebut hebat adalah segalanya.

Buncir leuit loba duit alias banyak uang dan pangan supaya dipiserab ku balarea (disegani masyarakat), tetapi terkenal buntut kasiran dan gumede, adigung-adiguna (kikir-sombong), adalah salah satu penandanya. Bahkan, saking sombongnya, meski r?a ketan r?a keton, barang atau kekayaan yang dimiliki itu tidak menyebabkan dirinya tingtrim paripurna, atau b?b?k ngoyor di sagara, rek nginum neangan cai alias kekayaan bukan jaminan kesejahteraan.

Untuk mencapai kesejahteraan harus melalui pelbagai tahapan, nete taraje nincak hambalan. Namun, tahapan itu mesti dibentengi dengan aturan negara dan dilandasi norma agama, indung hukum bapa darigama. Sebab, baik agama (Islam) maupun kebudayaan (Sunda) tidak melarang umatnya mencari ilmu pengetahuan guna mewujudkan kesejahteraan, moal nyapek mun teu ngoprek, moal ngarih mun teu ngarah, moal ngakeul mun teu ngakal.

Meski demikian, Sunda pun berpesan, elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna. Ada keseimbangan agar kita tidak terjerumus ng?lmu sapi atau ngelmu ajug. Muhun, elmu sapi adalah kebersamaan dalam hal yang buruk. Adapun elmu ajug adalah pandai berkhotbah, tetapi dirinya tidak melaksanakannya. Penganut ?lmu sapi dan ?lmu ajug awal-akhir bakal jadi korban dari ucap atau tindakannya, tamiang meulit ka bitis, senjata makan tuan.

Sebab, kekayaan atau ilmu yang dimiliki, jika tidak diamalkan dengan baik, disadari atau tidak lambat atau laun akan sirna, ilang tanpa laratan alias lepas tak berbekas. Sayang, siang-malam sebanyak mungkin menumpuk kekayaan, namun hilang seketika karena keteledoran, gulak-giluk kari tuur, h?rang-h?rang kari mata, teuas-teuas kari bincurang alias kekayaan yang dimiliki hanya tinggal selembar pakaian untuk sekadar menutupi kulit kering dan tulang belulang.

Miskin harta dan ilmu

Akan tetapi, hal itu tidak akan terjadi jika kita teu lali ka purwadaksi, teu mopoho keu wiwitan, teu poho ka bali geusan ngajadi. Sebab, orang yang ingat asal-muasal dalam menjalani kehidupan dituntut selalu waspada dan berserah diri kepada Yang Mahakuasa. Hirup dinuhun paeh dirampes, hirup katungkul ku pati pa?h teu nyaho dimangsa, banda sasampiran nyawa gagaduhan. Orang yang melupakan asal-muasal dan melanggar beragam aturan masuk pada kategori jauh ka bedug anggang ka dulang, urang kampung bau lisung, cacah runtah atah warah.

Orang yang jauh ka bedug anggang ka dulang dapat dipastikan selamanya tetap melarat, miskin ilmu dan miskin harta, kokoro nyoso malarat rosa. Hidup hanya mengandalkan belas kasihan dan sumbangan. Hirup ku panyukup ged? ku pam?r?. Sebab, pelbagai usaha yang dijalani orang yang miskin ilmu dan harta kerap berujung pada kekecewaan, n?t? sempl?k nincak semplak, serba salah.

Padahal, untuk membangun kesejateraan tidak mesti banyak harta. Yang lebih penting adalah ketekunan, cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok. Syarat maju dalam menjalani hidup pun bukan melulu faktor keluarga. Menjadi pengusaha tidak mesti terusing ratu rembesing kusumah alias turunan menak, ningrat, atau aristokrat. Orang merdeka yang mau maju tidak agul ku payung butut, ad?an ku kuda beureum, tidak mengandalkan dinasti atau keturunan.

Menjadi individu yang berkarakter dan merdeka merupakan keharusan. Individu yang mau maju dalam meraih kesejahteraan selalu memiliki saku rangkepan alias banyak perhitungan, ka hareup ngala sajeujeuh, katukang ngala sajeungkal, bobot pangayon timbang taraju, leuleus jeujeur liat tali, landung kandungan la?r asian.

Individu semacam ini pun dalam melakukan usaha tidak melulu mengejar kekayaan dalam bentuk benda, kujang dua pangad?kna alias sekali layar terkembang surut kita berpantang. Malah dua-tiga pulau mesti terlewati, sambil menyelam minum air.

Selain kejujuran dan ketekunan, modal lain adalah hemat, bibilintik ti leuleutik babanda ti bubudak, geus ged? tinggal mak?na. Segala aset yang masuk dan dikeluarkan selalu diperhitungkan dengan matang. Malah konsumsi dalam keseharian pun sehemat mungkin, kuru cileuh kent?l peujit, huap hiji diduakeun.

Prinsipnya adalah saeutik mahi loba nyeea atau dahar tamba lapar nginum tamba hanaang alias makan dan minum hanya seperlunya. Segala tindak tanduk mesti bermanfaat, lain lantung tambuh laku lain l?ntang tanpa b?ja, menghindari perjalanan yang tidak perlu dalam mewujudkan cita-citanya.

Tak asal jadi

Oleh karena itu, dalam memutuskan sesuatu tidak asal jadi, tetapi dimusyawarahkan dengan yang lebih ahli, bertanya kepada pakar dalam bidangnya. Nangtung di kariungan ngadeg di karageman, bobot pangayon timbang taraju, leuleus jeujeur liat tali, landung kandungan la?r asian.

Jika sudah menggapai yang dicita-citakan, pribadi Sunda yang merdeka sebisa dan sekuat mungkin tidak mudah tergoda harta, takhta, atau wanita, yang kadang menyesatkan dan menghancurkan. Hal itu untuk menghindari moro julang ngaleupaskeun peusing alias mengejar hal yang dianggap besar, sedangkan harta yang ada dalam genggaman malah dilepaskan.

Adapun wanita, sesuai dengan kodratnya, selain merupakan faktor penting dalam membangun kesejahteraan, jika tidak kita sikapi dengan baik dan hati-hati, kerap menjadi batu sandungan dan malah menghancurkan konstruksi bangunan. Nu geulis jadi werejit nu lenjang jadi baruang. Cag!

DJASEPUDIN Alumnus Program Studi Sastra Sunda Universitas Padjadjaran

BASA ASMARA BASA SUNDA

Posted in Bahasa Sunda, Eling, Lalampahan, Makalangan, ngalalana, Pangalaman, pangeling2, Sanes kanten on 11 Desember 2009 by kangadesaputra

Aku tergila gila padamu – Abi ka gegeloan ku anjeun

I love U – Abi bogoh ka anjeun

I’tell u – Abi bade ngabejaan anjeun

U look beautiful – anjeun katingali geulis

May I kiis u ? – wios abi nyium anjeun ?

Kiis me. – cium abi

Look at me – tingali abi

Hug me – Tangkeup abi

Don’t be shy – tong isin isin

U have a beautiful body – awakna bohay….jiiiaaahhh

It’s gonna be okay – moal nanaon tenang we

I don’t have sex – abi alim kimpoi

Sorry, I don’t do such a thing – punten , abi teu alim ngalakukeun hal nu kitu

I feel so good. – abi ngarasa enak

I don’t wanna leave u – abi alim ninggalkeun anjeun

Will u marry me? – Kersa teu nikah sareng abi?

Give me more time – pasihan abi waktos

I’m not good for u – abi teu pantes jang anjeun

laip diri = lupa diri

dayeuh = kota

kungsi nyanding = pernah berkunjung

ngahaleuang = bersenandung

bulan sapasi = bulan sabit

katambias = membias (bias cahaya)

kiwari = hari gini

baranang = bersinar

harepan = harapan

neang datang = pulang pergi

pias-pias = samar-samar

ngelusan = mengelus/membelai

kalangkang = bayangan

asih = kasih

ilang dangiang = sunyi sepi ( ga ada suara )

jumeneng = hidup

sumujud = sujud

awang-awang = langit

gusti = tuhan

sumembah = sembah

kagembang mojang = kepincut gadis

mulang = pulang

pengkolan = belokan

sareret = sekilas

linduh = teduh

tangkal = pohon

pinasti = mati

Dicutat ti : http://versophoto.wordpress.com/2009/09/10/bahasa-asmara-b-sunda/

Nuturkeun Indung Suku

Posted in Eling, Lalampahan, Makalangan, masantren, ngalalana, ngelmu, Pangalaman, pangeling2, Sanes kanten on 10 Desember 2009 by kangadesaputra

tuh jalanteh geuningan ukur satapak,

bari pinuh ku pengkolan…

nanjak mudun matak teu purun,

sisimpangan panipuan,

leuweung ganggong simagonggong,

sato jurig setan siluman,

kade sing panceg patekadan,

dioboran kaimanan,

agama nu jadi patokan,

qur’an dibaca jang cecekelan,

sugan jeung sugan kabagjaan kasampeur di tungtung jalan

hampura abdi dulur2….

hampura abdi Gusti….

diri rumaos teu sampurna,

laku lampah nu loba nganyerikeun baraya,

diri lamokot ku dosa

Muga jembar pangampurana,

ngarah hirup karasa nikmatna,

nyanggupan hayangna nyorang kasampurnaan.

akang.10.12.09