Keur teu hayang nulis!

Naha make nulis? emangna saha nu nitah nulis? ari teu hayang nulismah bet kar tong nulis tinggal ngajedog, kadituh mantog sing jauh!!!

Jeh lain kitu, heueuh da ari euweuh ide mah nya kumaha coba, dek nulis naon, kumaha mun jadi ngacapruk, atawa malah ngomongkeun batur, pek batur kasinggung, terus kapapanjangan, nepi ka hoghag pasea… masingkeun ukur lewat komentar dina blog ge nya ngarana pasea mah euweuh untungna lin?

Sabenernamah era, naha kunaon bahasa Sunda anu puguh bahasa ibu urang sorangan jarang dipake, jarang dilarapkeun dina kahirupan, malah keur nulis2 wae anteng we na bahasa lian cenahmah gaya…. padahal ampun paralun lain kitu ari masalhnamah pan didunia maya mah nu maca teh lain urang Sunda hungkul tapi ti sakuliah alam dunya, jadi kapaksa loba nulis na bahasa sejen teh da puguh instruksi pangab(utuh) etamah.

Ulah sok waka suudzon ah… awon.

:D cag.

Tinggalkan Balasan