“Jang, tah ieu teh ngarana keris kudamabur! ieu keris teh lamun disimpen diimah maka bakal bisa ngadatangkeun rezeki anu kacida hebatna!” Syaratna tiap malem jumaah kudu diminyakan ku minyak lantung, tepung bulan mulud kudu dimandian ku cikembang 7 rupa! Lamun teu dilaksanakeun engke jadi matak kaserang panyakit arateul bisul dina kelek!” Ceuk abah Ontohod ngomong kitu nateh bari masrahkeun hiji keris buntung ka incuna anu katelah Ujang Roges.

Lamun nyaritakeun masalah barang-barang pusaka, terus terang kuring sok asa kasieunan. Kasieunan ku naon? kasieunan ku panyangka sabab di imah kuring oge loba pisan parabot jiga kitu teh nya sarupaning keris, kujang, jrrd. Naon sabab, sabab manusa ngan bisana silih sangka, contona jiga kuring. Ari kuring teh kunaon loba barang-barang titinggal jaman baheula sabab kuringmah memang resep kana Seni masingkeun can pantes make gelar seniman mah. Sabab dina keris teh loba pisan lenyepaneunana, ti mimiti bentukna, ukirana, bahanna, jeung anu leuwih hebat deui nyaeta nilai-nilai sejarahna utamana ngeunaan saha anu baheula nyepeng eta keris tur ta dipake naon eta keris.
Conto, aya keris titinggal hiji kyai di jaman Walanda, eta kyai teh salianti getol nyebarkeun Agama Islam oge mingpin perjuangan ngalawan Walanda dugi ka perlaya ngemasing pati ajal di medan laga. Eta keris salila berjuang digunakeun ku eta kyai jang ngalawan musuh. Lamun ngaca kana jujutan carita sajarah eta kyai dimana eta keris jadi bukti pangeling2 ka urang kabeh ngeunaan sikap “Rela berkorban” demi kapentingan Agama, Bangsa jeung ngabelaan harga diri. Naha atuh lamun baheula pamingpin teh jiga kitu kunaon urang ayeuna nu hirup di zaman modern malah loba laku nu teu matut, lain jumlah sakola jeung pasantren geus loba kacida? Naha bet laku lampah masih loba nu jiga manusa anu teu ngadahar bangku sakola. Coba lenyepan!
Tapi naha ari jelema sok salah sangka, pajarkeunteh tah si Akangmah syirik! mempersekutukan Allah SWT da diimahna oge loba keris! Ya ampyun… meni kitu nya… euh… keun we lah da manehnamah mana kitu oge teu apalan naon NIAT kuring ngamumule eta keris teh.
Ayeuna coba jawab pertanyaankuring;
- Lamun urang liwat ka makam tengah peuting kunaon make teu wani?
- Lamun dihareupeun liliwatan urang aya preman nu keur marabok terus urang liwat bari na cangkeng nyolegreng nyoren Pestol naha make jadi wani? euweuh kasieun?
Kusabab naon jadi SIEUN jeung kusabab naon jadi WANIAN?
Lamun jadi wani gara2 mawa Pestol naha eta lain disebut leuwih percaya ka Pestol batan ka Gusti Allah ? Apa nu kitu lain syirik ngarana? Wallahua’lam da kuring mah lain ajengan tapi hayang ari jadi jalma benermah!Ceuk pendapat sim kuring, aya 2 versi anu paling menonjol ngeunaan laku nyimpen benda2 pusaka.
- Anu kahiji disebutna MIGUSTI nyaeta percaya kana kakuatan anu aya dina barang pusaka, sehingga anu ngarana ngaminyakan, ngamandian, mere sajsajen jrrd. jadi kawajiban sabab dipercaya mun teu dilakukeun bakal jadi matak jeung lamun dilakukeun bakal mawa kana kabagjaan atawa kana kaberhasilan.
- Anu kadua disebutnateh MUPUSTI nyaeta miara barang-barang pusaka sabab ku selain ngaharepkeun/menta mangfaat jeung pitulung tina eta barang. Manehna ngoleksi jeung ngarawat eta barang kusabab hal-hal lain misalna; ku nilai seni na, ku nilai sejarahna, ku antikna, jrrd. Anapon manehna sok sakapeung ngaberesihan, ngaminyakan etamah lainpadah ku sieun jadi matak teu pararuguh tapi seieun barangna jadi karatan tea, jadi belewuk ku kebul tea atawa sieun koropos warangkana ku sasatoan.
“Sagala rupa oge tergantung niat” ( cobi dalilna kumaha akang poho deui
puguhge ), jadi omat mending oge urang khusnudzan (berbaik sangka) we mun ningal papada urang aya nu rarajeunan ngoleksi barang-barang titinggal karuhun urang baheula. Atuh kanu memang bener2 sok MIGUSTI kana barang pusaka, mudah-mudahan sing dipasihan taufiq sareng hidayah ku Gusti Allah yen eta teh sanes perkara anu sae sabab bisa digolongkeun Syirik, sedeng Syirik kaasupna kana golongan Dosa Besar.
Memang ipis kacida bedana antara MIGUSTI sareng MUPUSTI teh. Jadi daripada urangh tergelincir maka lamun urang can siap, mun urang teu yakin bisa mawana mungkin lebih baik eta barang2 samodel kitu teh disumbangkeun atawa dititipkeun ka museum supaya bisa dialap manfaat jeung pelajaranana ku papada urang.
Hampura sim kuring bisi salah, da ieumah ngan ukur pendapat pribadi wungkul. Mugi teu janten matak renggat galih utamina kanu teu sapamadegan sareng sim kuring. Hatur nuhun.
:: kangadesaputra ::